Purba'xt,,situs bermanfaat
Semakin banyak tulisan yang kita baca ' semakin banyak pula ilmu yang kita dapatkan ..'




rUNGsiNG
hawar-hawar aya hariring
melengking,ngurilingan peuting
nurihan hate nu keur rungsing....

ratug jajantung
ngarasa kaduhung sagede gunung,

Peurih ati,lir di gerihan ku hinis,,

kasaha nya rek muntang ?
kamana,neangan keur
panyaluuhan ?

lieuk deungeun,lieuk lain,
jauh ka sintung kalapa

duh,,,
beurat kuring lumaku,
di tiung langit nu kulawu,
di barengan poek nu ngawengku,
hirup,ngan ukur ka bawa waktu.

tapi kuring tetep ngantosan,
cahaya datang nyaangan jalan,
nyingraykeun lalangse kahirupan,
nungtun lengkah kanu
rek karandapan.

Ya ALLAH Robbul Izzati..!
mung ka Gusti abdi nyalindung,
mung ka Gusti abdi nyuhunkeun pitulung,

teu aya deui nu di teda,
mugi Gusti,maparin HIDAYAH sareng INAYAH,
ka abdi,jalmi anu lemah,

sareng mugi Gusti, namplokeun BAROKAH, tina tiap tingkah sareng lengkah nu di pilampah.
Aamiin !!!

jalmi laa'if
baca juga SAJAK SUNDA lain nya:Jembatan leuwiliangNGALAMUN
KAMARI
<kembali ke: XTjalmi_laa'if
<embali ke: PURBA.WAP

<<berandapurba.wap

Disneyland 1972 Love the old s