Semakin banyak tulisan yang kita baca ' semakin banyak pula ilmu yang kita dapatkan ..'
~KAMARI~
kamari
diparengkeun panggih deui
jeung manehna,nu geulis kawanti-wanti
rindat socana,
seseleket kana ati
raray marahmay,endah lir bidadari
kamari
waktu layung ngahibar di jomantara
aya panah,sang pamanah rasa
karasa
geter-geter rasa mawa katresna
nganjang kana puseurna dada
netep nanceb,nurih kana sajeroning rasa
amparan kahayang ngolebat
nyipta manisna rasa kacinta.
jalmi laaif
baca juga sajak sunda lain nya
RUNGSing
Jembatan leuwiliang
NGALAMUN
<<kembali
<<berandapurba.wap